Dongeng Sunda : Asal Usul Silat Cimande

Kabupaten Cianjur, memiliki banyak ragam budaya, salah satunya dongeng. Berikut ini saya postingkan contoh dongeng Sunda, yang diambil dari naskah Lomba dongeng Sunda yang dibawakan Muhammad Taubi dari SDN Mande 03 Cianjur. Selamat membaca !


ASAL USUL JURUS CIMANDE

Sampurasun….
Sim kuring, Muhamad Thaubi, saur ki dalang tea mah, asa kagunturan madu karagragan menyan putih, bingah amarwata suta bingah kagiri-giri. Tiasa ngadeg bari cumarios di payuneun bapa ibu kalih rerencangan sadayana, teu aya sanes ieu the kudrot irodat mantenna.

Girang pangajen anu ku sim kurning dipihurmat, para wargi sadayana anu mikacinta kana budaya Sunda, khususna seni dongeng Sunda. Saparantos maluruh sababaraha referensi di antawisna buku babad Cianjur, oge sim kuring kantos ngobrol sareng salah sawios tokoh silat di Mande, anu katelah Bah Idik. Tah rangkuman tina sababaraha referensi the ku sim kuring diruntuykeun kana hiji carita nyaeta Silat Cimande.

Nanging, boh bilih aya nama anu kasebit aya asma nu kasebat, hapunten, da ieu mah dipapantes malah mandar janten pantes. Supados teu nyangklong waktos, prung ah urang kawitan……

Kecamatan Mande, anu kuurang dipikareueus, ngagaduhan rupi-rupi kakayaan budaya, salah sahijina nyaeta maenpo silat Cimande. Rerencangan sadayana….hoyong terang teu asal-usulna silat Cimande ?
Tong kamana-mana ku sim kuring baris dipedar.

Kacarita di hiji lembur, nu aya deukeut walungan Cibalagung, aya hiji kulawarga, carogena katelah ki Sahim, ari istrina jenengannana nyi oneh. Kacarios dina hiji waktos, ki Sahim nyarios ka istrina, “ Nyi kadieu sakeudeung !”. “ Mangga kang, aya naon ?” Wayah kieu asa parantes mun urang ngaliwet!”
Ngaliwet ? Hayu kang. Tapi kur aya asin wungkul “. Teu nanaon, lalabna kulub daun sampeu.” Nya atuh ke nyai ngundeur heula daun sampeuna di kebon sisi walungan.” “ Nya sok, tapi tong lila teuing nya !” Mangga Kang, nya angkat heula.Assalamu’alaikum !” Waaalikum salam.

Nyi Oneh mios ka kebon, bade ngundeur daun sampeu. Nalika nuju anteng ngundeur, kakupingeun aya sora sing gedeblug palih tonggoh. Nyi Oneh panasaran, bari ngeteyep ngintip, aya kajadian naon sabenerna.
Para wargi sadayana, anu ting gedeblug the sihoreng aya nu galungan, monyet jeung maung. Nyi Oneh teras ngabandungan. Si maung nyerang ka monyet, tapi si monyet bias piusan ngagiwarna. Terus-terusan kitu, panyakar si maung euweuh nu keuna. Antukna si Maung capeeun nepika inditna.  Sanggeus kitu, Nyi Oneh mulang bari nyandak lalab daun sampeu.

Enggalna carios, nyi Oneh dugika bumina. Nanging teu disangka, carogena kalahkah ngambek. “ Assalamu’alaikum”, ceuk nyi Oneh. “ Ngableng, pira ge ka kebon. Ulin kamana nyi ?” ceuk ki Sahim ngambek. “ teu kamana-mana kang, pan nyai tadi ngundeur lalab.” “ Ah teu percaya! Ceuk ki Sahim bari ngayunkeun dampal leungeunna rek nampiling nyi Oneh. Nyi Oneh ngagiwar. Ki Sahim beuki ambek, terus rek nampiling deui, tapina euweuh nu keuna. Antukna ki Sahim  capeeun, terus nyanay, “ Nyi diajar silat di mana ?” Ah nyai mah teu diajar silat. Ngan tadi nyai tadi ningal monyet jeung maung galungan. Terus ku nyai diturutan. “ Oh…Kitu, cing-cing sok praktekkeun deui !”. Tah kieu kang”, ceuk nyi Oneh bari metakeun geraka-gerakan si monyet dina ngahindarkeun serangan si Maung. Ku ki Sahim ditengetan, terus ku manehna diturutan.

Para wargi sadayana, gerakan-gerakan tadi the ku Ki Sahim dinamian jurus PAMONYET. Eta gerakan the cikal bakal jurus Cimande, anu kawentar kamana-mana. Tah kitu jujutannana. Leres sareng henteu namah wallohu ‘alam.
Tina eta carita, saalitna aya kagegelan candakeun kanggo bekel urang dina kahirupan. Yen gening urang the kedah teras-terasan nafakuran kana sagala rupi ciptaan Alloh. Contona, Nyi Oneh tadi, tina ninggal sakadang maung galungan sareng sakadang Monyet. Kumargi ditafakuran, janten weh jurus silat nu kawentar kamana-mana.

Mung sakitu ti sim kuring. Hatur nuhun tina perhatosannana.Bilih aya bobo sapanon carang sapakan, neda jembar hapuntenna. Wassalamu ‘alaikum. Sampurasun. Hurip Sunda !


Demikian Dongeng Sunda : Asal Usul Silat Cimande semoga bermanfaat

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel