Contoh Susunan (Runtutan) Acara Paturai Tineung (Perpisahan di sekolah)

Berikut blog suhendri22 memberikan Contoh Susunan (Runtutan) Acara Paturai Tineung (Perpisahan di sekolah) dalam bahasa sunda

Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahilladzi aujaba ‘alaina bil jama’ah wa nahana ‘anit tafaruqi wal ‘adawah. Ash-shalatu was salamu ‘ala rasulillah, sayyidina Muhammadibni ‘abdillah wa ‘ala alihi wa shahbihi wa maw walah, amma ba’du.
Sugrining puji kasangga ka Gusti Nu Maha Suci, sadaya puja kasangga ka Pangéran Nu Maha Kawasa. Kalayan qudrot sareng irodat Mantenna urang sadaya dina danget ieu tiasa kumpul riung, amprok jonghok, hempak merperbayaksa dina tempat anu kalintang nyugemakeunana. Mudah-mudahan hibar barokah kalih maghfiroh Allah SWT ginuluran ka urang sadaya, amin. Teu hilap shalawat kalih salam mugia dilélérkeun ka panutan alam, manusia anu pangmulyana nyatana habibana wa nabiyyana Muhammad SAW, katut kulawargina, para sahabatna oge umat sadayana anu turut, tumut kana ajaran anjeunna dugi ka poé kiamah, amin.
Hadirin anu sami linggih, dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah.



Kiwari manjing lingsirna wanci, ayeuna ninggang lugayna mangsa. Urang sadaya anu hadir di dieu baris ngajadi saksi pikeun lumangsungna acara paturay tineung kelas IX anu diluluguan ku kulawarga besar SMP Pasundan Banjar. Nya jisim kuring pisan dina danget ieu kapeto ku kolot-kolot, kapapancénan ku sékésélér panitia kanggo nataan runtuyan acara ti kawit dugi ka ahir, ti awal dugi ka tutasna ieu acara.
perpisahan, biantara, paturai tineung, adat sunda

Dupi acara anu badé kapidangkeun dina acara ieu nyaéta :

Runtutan Acara
1. bubuka, anu diantawisna dieusi ku galindengna ayat-ayat suci Al Qur’an sinareng asmaul husna (Atik kurnia&Heni)
2., sanduk-sanduk papalaku ti pupuhu panitia
3., biantara sareng pangdeudel diantawisna :
• biantara ketua osis………… Repi
• biantara wawakil kelas IX…….. Andi
• Pangdeudeul ti pupuhu SMP Pasundan Banjar
• Pangdeudeul ti pupuhu Komite SMP Pasundan Banjar
Selingan hiburan…tembang…..Nita
4. informasi akademik sinareng bewara juara…….. Hj.Nur Rahmiati (Wakasek Kurikulum)

5., unjukan paturay tineung
- masrahkeun lalayang SKHUN
- masrahkeun siswa siswi kelas IX ka komite
- musafahah
………………….Hymne Guru& Terimakasih Guru (Paduan suara Kelas IX)
7, du’a/tutup…………Bapak Ridwan
8., hiburan
Supados henteu nyakolong teuing kana waktos, mangga ieu acara urang buka ku ‘aosan basmallah sasarengan. BISMILLAHIRROHMANIRROHIM. Ku ngalangkungan kalimah basmallah nembé ieu acara parantos dikawitan kalawan resmi.

paturai tineung, biantara, perpisahan smp, perpisahan sd , adat sunda

Atuh masih kénéh dina raraga bubuka, supados ieu acara langkung-langkung ginuluran hibaring barokah, mangga urang sami-sami ngaregepkeun kana galindengna aosan ayat-ayat suci Al Qur’an. Kalayan anu baris mancén tugas maos Al Qur’an, sim kuring ngahaturanan ka Patugas.
(Patugas ngagalindeng maos Al-Qur’an dugi ka tutas. Sabada tutas, panata calagara neruskeun nataan acara)
Para wargi sadaya, réngsé galindengna Ayat-ayat Al Qur’an anu parantos di’aoskeun. Pamudah-mudahan ku ngalangkungan aosan ayat anu nembé barokah tina amanah anu dipopoyankeun tina dawuhan Allah, urang sadaya masing tiasa ngajalankeun sakumaha mistina malah mandar aya dina ridlo Allah SWT, amin.


Anu salajengna nyaeta Asmaul husna anu bade kasanggakeun

Ngalincak kana acara anu kadua, nyaéta sanduk-sanduk papalaku ti pupuhu panitia anu ngaluluguan ieu acara. Ka pupuhu panitia, atanapi anu ngawakilanana sumangga dihaturanan.
(pupuhu panitia ngalaksanakeun pancénna)

Dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah.
Réngsé parantos anduk-sanduk papalaku di pupuhu panitia, anu parantos ngabéjérbéaskeun undek-undak kereteg manahna, kalayan kamafhum tur kamaklum ku urang sayadana. Atuh saterasna urang lajengkeun kana acara anu anu saterasna nyaéta Biantara.
Kanggo biantara anu …………., anu sakawitna diancokeun kanggo ……………….
Kanggo biantara anu ka….. sim kuring ngahaturanan ka Pupuhu……… SMP Pasundan Banjaar Pendidikan Kalangsari, ka Kersana Bapa ………………., sumangga dihaturanan …..

Deretan Hiburan
1. Jaipongan……… evi
2. Puisi (ela) sareng paduan suara ….Tinggal kenangan
3. Silat……….Heni
4. sisindiran………..VIIIB
5. paduan suara VII C (ayam hitam)
6. dangdut……….Novi
7. ………………
8. …………..
9. ……..
10. ….


Demikian contoh Susunan (Runtutan) Acara Paturai Tineung (Perpisahan di sekolah) dalam bahasa sunda..semoga bermanfaat..contoh susunan acara lainnya silahkan lihat di link dibawah..terimakasih


Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel